2. Kelompok
1. Dimas Saputra 80
2. Dini Aminarti 79
3. Fariz Umar 78
4. Felita Delfina 79
5. Haykal Fikri 79
6. Helda Fauziah 82
7. Josua Sitompul 78
8. Kharizta Salsabil 80
9. Malika Salsabila 80
3. Pengertian Kakawihan
Kakawihan nyaeta salahsahiji rupa lalaguan
Sunda. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda,
nyaeta anu disebut kawih, kakawihan jeung
tembang. Umpama ditilik tina rumpakana,
kawih, kakawihan jeung tembang
mangrupakeun oge karya sastra dina
wangun ugeran atawa puisi. Rumpaka kawih
jeung kakawihan henteu pati kaiket ku
aturan. Sedengkeun rumpaka tembang kaiket
ku aturan, nyaeta aturan anu aya dina pupuh.
4. Perbedaan Kawih jeung
Kakawihan
Anu ngabedakeun kawih jeung kakawihan
nyaeta ari kakawihan mah biasana
dinyanyikeun atawa dihaleuangkeunnana
dina waktu keur ulin atawa keur digawe,
sedengkeun kawih bisa dihaleuangkeun iraha
jeung di mana wae. Kawih jeung kakawihan,
wangun rumpakanya rek sarua jeung
rumpaka anu aya dina sajak, nyaeta henteu
kaiket ku aturan.
5. Wangenan
Kakawihan asal kecapna tina kawih, nu hartina
Rakitan basa sabangsa dangding nu teu make
patokan pupuh. Ngawih nya eta ngalagukeun kawih
atawa sisindiran. Ieu kabinangkitan teh ka asup
sastra buhun, gelarna dina sastra Sunda mangrupa
sastra sampakan. Tapi nu boga kakawihan teh lain
ngan ukur urang sunda wae, unggal seler bangsa
oge miboga kakawihan sewang-sewangan.
Kakawihan ka asup sastra lisan, sumebarna
tatalepa sacara turun tumurun di lingkungan
masarakat. Ku kituna kakawihan sering disebut
sastra balarea. Kakawihan lain ngan saukur dipake
bari ulin, tapi oge sok dipake bari digawe.
6. RMA koesoemadinata (dina Soepandi, 1985:14)
mere katerangan ngeunaan kawih, nya eta: sekar
(tembang=kawih) ieu aya dua rupa:
1. Sekar irama merdeka, nya eta tembang nu
panjang pondokna sora jeung wirahmana
sakarep-karep numutkeun raosna priyangga,
numutkeun kangeunahan nu tembang kayaning:
tembang buhun rancag, tembang buhun raehan,
beluk, kakawen, suluk, tembang Cianjuran,
tembang Ciawian, kakawihan dongeng.
2. Sekar-tandak, nya eta tembang anu ajeg
wiletanana tegesna lolongkrang-lolongkrang
antara wirahma-wirahma sami sadayana.
7. Kadieukeuna kawih jeung tembang dibedakeun.
Ari kawih mah dihartikeun sekar tandak,
sedengkeun tembang nya eta sekar irama
merdika atawa lagu swara. Kiwari kakawihan
dihartikeun lagu-lagu anu sok dinyanyikun ku
barudak bari ulin, nepi ka sakapeung sok
disebut kakawihan barudak atawa kaulinan
barudak. Wibisana spk (200:387) nyebutkeun
lagu rakyat, hartina lagu jeung lirikna geus baku,
sipatna anonym jeung nyebar ti jaman baheula.
Lagu ngawih saperti Polostomo, Pacul goang,
kadewan, jste. (Soepandi & Oyon Sofyan
Usmari, 1985:7).
8. Kamekaran Kakawihan
Kakawihan (teksna, fungsi jeung
basana) robah luyu jeung kahirupan
masarakat. Nurutkeun kalungguhana,
kakawihan bisa dipasing-pasing jadi
dua golongan nya eta kakawihan
pikeun kaulinan jeung kakawihan
pikeun digawe.
9. Ciri kakawihan
Kakawihan mangrupa bagian tina folklore, ku kituna
sabagian tina ciri-ciri folklore dipimilik oge ku kakawihan, di
antarana:
a. Sumebar jeung diwariskeun sacara lisan;
b. Sifatna tradisional, nyebarna angger di antara kelompok
tertentu;
c. Aya varian jeung versi, kajadian poho jeung interpolasi
sok nimbulkeun bedana teks. Ku kituna sakapeung teksna
sok beda, wirahmana sarua. Atawa wirahmana sarua,
teksna nu beda;
d. Umumna anonym;
e. Miboga rumus jeung pola;
f. Polos jeung lugu, sakapeung jiga kasar jeung spontan
10. macam-macam kakawihan
Kakawihan bisa diklasifikasikeun dumasar fungsina, basana,
waktu ngawihkeuna, oge eusina.
Dumasar fungsi, kakawihan pikeun kaulinan, pikeun
sumanget digawe, pikeun mepende, oge pikeun protes social.
1. Kakawihan pikeun kaulinan:
Kakawihan nu dipake dina ngamimitian kaulinan di antarana:
Cing Ciripit, dal del Dol, jeung Hompimpah.
Kakawihan sapanjang kaulinan: Aanyaman, Ambil-ambilan,
Ayang-ayang Gung, Babagongan, Cingcangkeling, Eundeuk-
eundeukan, jst.
11. 2. Kakawihan pikeun numuwuhkeun
sumanget digawe diantarana: Mars
Siliwnagi, Ngawuluku, jeung Ngagebahan
Manuk.
3. Kakawihan pikeun mepende, di antarana
Nelengnengkung, Pat Lapat, jst.
4. Kakawihan pikeun protes social,
mangrupa gambaran protes kana hiji
kaayaan dina mangsa eta kakawihan
dijieun, misalna: Ayang-ayang Gung, Bolu
Bugem, Dengkleung Dengdek, Prangpring,
Tongtolang Nangka, Hatiku Jang Wawan,
jeung Eundeuk-eundeukan Lagoni.
12. Dumasar basana, aya nu eusina sagemblengna ngagunakeun
basa Sunda jeung aya anu campur jeung basa sejen. Misalna:
Punten Mangga, pupujian, Si Jendil Adil, Slep Dur, jeung Ula
Elo Kembang.
Dumasar waktu, aya anu tadina sok dikawihkeun beurang
atawa peuting oge aya anu beurang jeung peuting. Contona:
Kalongking jeuung Bulan Tok.
Dumasar wangun, teksna aya anu dialog jeung aya anu
monolog.
1. Kakawihan wangun dialog di antarana: Ambil-ambilan, Baju
Beureum, Bolu Bugem, Cir Kupek, Gobang Kalima Gobang,
Tongtolang Nangka, Eundeuk-eundeukan Lagoni, jeung
Wek—wek Dor.
2. Kakawihan wangun monolog di antarana: Aanyaman,
Ayang-ayang Gung, babagongan, Cingcangkeling, Cing
Ciripit, Gobang gocir, jst.
Dumasar eusi, kakawihan loba nu ngagambarkeun kaayaan
masarakat Sunda dina jamanna, magsa kakawihan
13. Papasingan kakawihan
Nilik kana wanguna, kakawihan barudak the sok
dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Di
antarana:
a. Wangun paparikan
Kakawihan wangun paparikan nya eta wanguna
saperti paparikan, aya cangkang jeung eusi. Bedana,
unggal padalisana teu matok 8 engang, anu penting
asal sasora.
Conto:
TAT TIT TUT
Tat tit tut daun kaliki
Saha nu hitut budak lalaki
Tat tit tut daun kanyere
Saha nu hitut budak awewe
14. b. Kakawihan laras wekas
Kakawihan laras wekas nya eta kakawihan
anu murwakanti engang tungtung, boh dina
kecap-kecap dina saungkara boh dina
kecap-kecap dina antar padalisan.
Conto:
EUNDEUK-EUNDEUKAN
Eundeuk-eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
beunang deui ku aki
15. c. Kakawihan margaluyu
Kakawihan margaluyu nya eta kakawihan anu kecap atawa
engang dina tungtung padalisan, dibalikan deui dina awal
padalisan, dibalikeun deui dina awal padalisan sapandeurieunana.
Conto:
AYANG-AYANG GUNG
Ayang-ayang gung
Gung goongna rame
Menak ki mas Tanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giru
Rukat jeung kompani
Niat jadi pangkat
Katos kagorengan
Ngantos kanjeng dalem
Lempa-lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
16. d. Kakawihan mondoan kawit
Kakawihan mondoan kawit nya eta kakawihan anu malikan
(mindo) kecap anu sarua dina awal padalisana.
Conto:
PUNTEN MANGGA
Punten… mangga
Ari ga, gatot kaca
Ari ca, cau ambon
Ari bon, bonteng asak
Ari sak, sakit perut
Ari rut, rujak asem
Ari sem, sempal sempil
Ari pil, pilm rame
Ari me, meja makan
Ari kan, kantong kosong
Ari song, song-song lampu
Ari pu, pulau bali
Ari pu, puak paok
Ari wok, wok berewok