3. Ka ngaran Si Lamsijan teh tanwande geus
wanoh. Si Lamsijan bisa di saruakeun jeung si
kabayan dina dongeng-dongeng urang sunda,
atawa jeung si Cepot dina wayang golek purwa.
Adatna sok asa aing sagala nyaho, asa
pangpinterna tapi bodo katoloyoh. Dina lagu
R.Mochtar mah apan disebut budak kampung
dina waktu nyaba kabandung digambarkeun
kadusunannana.
Jigana eta sababna Ki Umbara milih ngaran Si
Lamsijan dina joged jaman baheula
4. EUSI NOVEL (IKHTISAR)
SiLamsijan nyaeta budak boloho kebluk jeung hardolin. Pagawean
sapopoena ngan saukur ullin ti isuk-isuk nepi ka burit.
Dina hiji poe SiLamsijan menta kawin ka indungna jeung Si Amoy. Tapi
indungna teu Nyatujuan sabab SiLamsijan can bisa usaha jeung can
mandiri. Tapi usaha SiLamsijan teu nepi ka dieu, SiLamsijan
ngadatangan Uwa Ukun pikeun melet SiAmoy. Teu di sangka-sangka
peletna kalah nerap ka SiCepleu awewe goreng patut. Ahirna mah
SiAmoy di lamar ku urang walanda, sabab kahirupan di dieuna beuki
terancam. Sabab usahana gagal wae SiLamsijan ngadatangan ajengan
pikeun menta tulung hayang balik deui kana jalan anu bener, jeung
supaya bisa menang jodoh. Kalakuan SiLamsijan ti harita rubah jadi
soleh. Tung-tungna mah SiLamsijan ngajodo ka SiCepleu. Tiharita
SiLamsijan jadi mandiri jeung neangan usaha ka kota, teu disangka
dina waktu tilu bulan SiLamsijan bisa muka cabang di sababaraha
tempat.
5. KAHENGKERAN
Jalan caritana rada hese kahartina.
Masih keneh ngagunakeun basa-basa
buhun.
Loba bahasa-bahasa anu teu kaharti
Aya pupuh tapi kurang kaharti maksudna
6. KAUNGGULAN
Caritana lucu, jeung loba pelajaran nu bisa di
jadikeun pelajaran.
matak betah jeung resep maca
Loba wawasan jeung amanat nu bisa
dilarapkeun dina kahirupan sapopoe
Tokoh utamana siga siKabayan, jadi matak
resep
Loba kalakuan SiLamsijan anu matak
pikaseurieun
Aya pupuhna
7. RIWAYAT HIRUP SANDIASMANA H
Sandiasmana H.Wiredja Ranusulaksana (Kuningan,10 Juli
1914-Bandung, 2005), pangarang sunda anu dianggap ahli
jurig dumeh rea karangannana anu nyaritakeun siluman-
sileuman, sanajan anjeunna ge saenyana rea nyaritakeun
nukilan tina tareh islam cara anu dikumpulkeun dina nu
tareuneung. Keur masih keneh jadi siswa NS(Normal School,
sakola guru) di serang dina mangsa samemeh perang geus aya
karangannana anu di muat dina majalah parahiangan,
timbangan, jeung sipatahoean. Kungsi narima hadiah rancage
1991 pikeun jasana dina makayakeun sastra sunda. Sakapeung
sok nulis dina basa indonesia, pangpangna caritaeun bacaan
barudak. Kungsi jadi redaktur majalah pelet jeung mangle.
Sadidinten jadi guru SD tuluy jadi kepala SMP Muslimin III di
Bandung nepi ka pangsiunna.
8. WARUGA FISIK
Dina jilidna ngagambarkeun Si Lamsijan nuju tatih
kabingungan dina kaayaan hirupna. Ieu sasuai jeung
carita nu aya di jero novelna anu ngagambarkeun
kasusah hirup SiLamsijan. Warna nu aya dina jilidna
nggambarkeun tradisional warna hitam putih jeung
corak siga nu make pensil biasa, ieu nunjukeun yen
novel ieu teh pas jeung caritana. Tulisan judul nu
aya dina jilidna nunjukkeun kaunikan ieu novel, jadi
unik katingalina. Dipojok kenca luhur aya ngaran
penerbitna , jadi gampang katingalina. Nama
pengarangna disimpen di handap sareng warna
koneng, ieu nunjukeun pengarangna teh karakterna
kocak siga tokoh utamana.